AES02 - Jamparing

Duka ku naon, saatosna rengse sagalarupi padamelan dinten ieu, sateuacan paler kuring inget kana hiji kecap nyaeta 'jamparing'. Aya hiji kapanasaran simkuring ngeunaan jamparing ieu, baheula nuju sakola di SMP, kuring ngiringan pramuka. Tah biasana nami-nami regu teh upami pameget tina sato, contona regu heulang, kancil, jeung sajabina, naha kuring namina regu jamparing, naon maksadna eta teh? da jamparing mah lain sato nyaeta anak panah, tah cigana kuring kudu silaturahmi deui ka smp baheula, sugan weh bisa manggihan kapanasaran eta.
Ari nilik kana sababaraha pendapat, jamparing teh nyaeta jampe kuring. Ari jampe nyaeta sagalarupi anu aya dina manah atanapi kereteg hate, ngan jamparing teh moal matih lamun teu dibelesatkeun make gondewa. Ari gondewa nyaeta alat kangge mentangkeun eta jamparing. Tah ieu teh luyu jeung kahirupan, jamparing bisa jadi alus jeung keuna kanu sasaran mun bisa mentangkeun make gondewa, pemikiran anu alus moal luyu lamun kecap jeung lampah can sarua. Matak dina hirup rasana teu cukup mibanda jamparing nu hade tapi sanajan ti eta kudu bisa mentangkeun gondewa sangkan eta jampe pamake teh bisa nepi kanu dituju. Kumargi kitu, peupeujeuh ka diri, salian kudu terus ngasah jamparing,diajar oge mentangkeun gondewa, carana ngawitan ti pikiran, kecap jeung lampah teh kudu sarua anu hasilna hayang jadi jelema anu lewuh sadar, ngaji kana dirina.
Salian ti eta, ngeunaan jamparing teh kuring aya hiji lagu degung anu genah pisan, judulna Jamparing Langit :
Jamparing Langit
Sanajan nyakclakan jagat. Nami ngajamparing langit. Ngajamparing langit.
Mun teu matak rintih ati. Palias manjang laksana.
Mun tulus direremokeun. Mun jadi dipasinikeun.
Lain – lain asih nu mimiti. Duh … bangbaluh langit kahiji.
Neangan … rek neangan rasa. Rek nyucruk luhurna gunung.
Mandi di leuwina ati. Sugan manggih ajining diri. Ajining diri.
Duh gusti, sugan manggih ajining diri..
mangga upami bade ngadangu laguna :
https://www.youtube.com/watch?v=RiGeBPfkHtU
Sampurasun!
Komentar (2)
Masuk untuk ikut berkomentar.
Mungkin Kamu Juga Tertarik:

AES#133 Misdinar
Berkegiatan secara offline, merupakan hal baru dan unik mungkin ya, setelah sekian lama pandemi melanda dan kami semua berkegiatan secara online. Setelah cukup banyak kegiatan aku coba ikuti, yang merupakan kegiatan online, aku berusaha untuk mulai aktif lagi berkegiatan secraa offline. Salah satu…

AES02 Gunung, Guru Nu Agung
Di Sunda, katanya Gunung itu berarti Guru nu agung! Jika kamu mau belajar tentang kehidupan, maka bergurulah pada gunung, pergi ke gunung, dan lihatlah banyak keajaiban dalam kehidupan lain. Ada satu Gunung istimewa yang aku tahu, Dia satu gunung yang bisa jadi 4 gunung yang berbeda jika dilihat da…

AES06 Tentang Literasi Diri
Pertemuan Orang Tua - Literasi Diri Manusia itu selalu berubah. Belajar tentang diri merupakan hal penting agar dapat mengenal diri kita, agar tahu cara penyelesaian masalah yang sedang dihadapi. You are what you write. Bener juga ya, kadang kalo lagi random tuh tulisan yang kita tulis jadi random…





