AES13 - Pepeling keur abdi

Salah sawios karesep simkuring nyaeta nonton wayang, naha bet resep nonton wayang? eta wayang teh mintonkeun sarupaning laku na jalmi, aya salah jeung bener, aya pangaweruh anu karasanateh lain mapatahan, tapi jadi enteung keur hirup urang sewang-sewang.
Kaleresan pun aki teh dalang, meureun karesep ieuteh nular, da ti aalit oge abdi mah osok nonton wengi-wengi bari eueut cikopi hideung.Biasana di tetengah pagelaran teh, aya sinden anu nyanyikeun kawih, tah dinten ieu simkuring bade ngabagikeun hiji lirik anu kuat pisan :
Sumanget urang berjuang
Wani tarung korban jiwa
Gumelar di pawenangan
Seuer halangan haruang
Mun teu gaduh pamadegan
Leungiteun kamanusaan
Seueur pitnah tur pangrina
Nu tangtu, matak tugena
Teu kaur meunang tumiba
Teu weleh meunang musibah
Payus mun silih elingan urang Bandung
Pantes mun silih tulungan
Tandaning silih ajenan
Dumasar kamanusaan
Mun hirup sewang-sewangan
Leupas tina kabeungkeutan
Moal panggih, kasemanget,
Tantu nyorang kaancuran
Sangkan ngawujud harapan
Makmur dina kaadilan
Berjuang, ulah ijiran
Milari rido pangeran
Jadi initina, dina lirik eta ngelingan upami manusa di alam dunya, tantu bakal seueur halangan, tah nyanghareupan etateh kudu boga pamadegan atanapi prinsip, mun ninggalkeun eta, bisa jadi bakal leungit kamanusaan. Tah tidinya jelema mah nu utama silih elingan, tulungan jeung ajenan. Jeung anu paling penting tong sewang-sewangan bisi leupas tina kabeungkeutan. Nu akhirna berjuang tong kenal eleh, supaya bisa milari rido ti Gusti anu nyiptakeun bumi. Mugi peupeujeuh ieuteh bisa terus ku simkuring terapkeun.
Tutup lawang sigotaka
Komentar (0)
Belum ada komentar.
Masuk untuk ikut berkomentar.
Mungkin Kamu Juga Tertarik:

AES18 - Mampir ke rumah teman part 2
Hari ini teman-teman berkegiatan di Rumah Jojo, saat tiba kami mulai dengan waktu hening dan sedikit yoga, setelah itu kami menyampaikan maksud bertamu, dan kemudian disambut oleh Pak Philip dan Ibu Firma. Beliau menceritakan sedikit tentang kisah rumahnya. Bahwa bapak menemukan rumah ini tidak sen…

AES17 - Mampir ke rumah teman
Pembelajaran Smipa yang holistik dan tematik, tentunya 'memaksa' fasilitator untuk membuka seluruh panca indera dan hati untuk belajar dan merasa. Bukan sekadar menyampaikan olahan maupun pembelajaran, lebih dari itu, belajar di Smipa menawarkan pengalaman hidup dan memaknai proses belajar. Terkada…

AES16 - Bermusik
Salah satu ciri khas dari Smipa adalah kedekatannya dengan dunia musik. Menurut saya dengan bermainan dan bereksplorasi musik, dapat menjadi ruang untuk lebih 'merasa' dan 'berkomunikasi' dengan cara yang lain. Saat ini, di kelas Bengawan Solo sendiri sedang menggarap proyek musik. Awalnya kami men…
